Sabtu, 06 April 2013

KARYAWISATA SMPN 1 Plered (versi sunda)

LAPORAN KARYA WISATA
KA MUSIEUM KAA, SASANA BUDAYA GANESHA, JEUNG SARI ATER

    Tujuan
Tujuan karyawisata ka Musieu KAA (Konferensi Asia Afrika) sangkan siswa-siswi SMP N 1 Plered boga pangaweruh katut pangalaman, hususna ngenaan sejarah perkawis naon hal naon anu bihas jeung negara mana wae anu ngiringan KAA. Tujuan karya wisata ka Sasana Budaya Ganesha atawa biasa disebut sabuga nyaeta sangkan siswa-siswi SMP N 1 Plered boga Pangaweruh ngenaan alat-alat anu hubunganna jeung pelajaran IPA. Upami karya wisata ka Ciater mah namung hiburan hungkul sangkan teu bosen teuing.

Tempat-tempat anu di jug jug
Tempat-tempat anu di jug jug nyaeta Musieum KAA, SABUGA, jeung SARI ATER.

Waktu
Ieu kagiatan teh dilaksanakeun poe Rebo, tanggal 13 Maret taun 2013, ti tabuh 05.30 WIB nepi ka tabuh 18.00 WIB.

Pamilon
Anu milu kana ieu kagiatan teh kabeh siswa kelas VIII, jumlahna aya 258 urang. Lalakina aya 83 urang, awewena aya 175. Diaping ku sapuluh guru jeung lima TU nyaeta Ibu Risa, Bapak Tatang, Bapak Dani, Ibu Haryati, Bapak Anden, Bapak Herna, Bapak Ade Rahman, Ibu Sri Widarsih, Ibu Yati, Bapak Iwan. Upami TU-na nyaeta Ibu Ika, Mang Dedeng, Mang Parno, Mang Ee, Ibu Hernawati.

Kagiatan
Tabuh 08.00 nepi ka Musieum KAA

Salila di Musieum KAA para siswa ngadengekeun wejangan katut sajarah Konferensi Asia Afrika. Timimiti naon nu dibahas dina waktu konferensi nepi ka negara naon wae anu miluan Konferensi Asia Afrika.
Para siswa dipasihan sajam kanggo kanggo foto-foto atanapi nitenan koleksi sejarah anu aya di musieum KAA diantawisna patng replika kajadian Konferensi nepi ka bendera-bendera pamilon Konferensi.
Sarengsena nitenan koleksi sejarah, rombongan SMP N 1 Plered ngalajeungkeun karyawisata ka Sasana Budaya Ganesha.

Tabuh 10.30 WIB nepi di SABUGA
Sangges nepi ka SABUGA rombongan SMP N 1 Plered kedah ngantosan hela sabab masih aya sakola lain anu  keur ngayakeun karyawisata oge. Saengges ngantosan para siswa lebet ka SABUGA. Di SABUGA para siswa lebet ka ruangan kubah tilu dimensi kanggo ningali film.

Saengges ningali film di ruangan kubah tilu dimensi, para siswa tiasa nitnan alat-alat IPA anu aya di SABUGA.

Saengges nitenan alat-alat IPA anu aya para siswa sareng guru solat lohor. Tos solat lohor rombingan SMP N 1 Plered neraskeun KARYAWISATA ka Sari Ater.

Tabuh 03.00 WIB
Rombongan nepi di Sari Ater. Di Sari Ater siswa-siswi digarentos acuk, teras para siswa ngarumpul di hiji saung anu tos disewa ku sakola, aya oge anu kukurilingan nyobian permainan jeung aya oge anu ngareueum dina cai panas.


Tabuh 18.00 WIB
Rombongan karyawisata mulang deui ka Plered Purwakarta nepi ka purwakarta teh kira-kira tabuh 20.30 rada telat balikna mah kulantaran pas di Sari Ater lami ngantosan siswa anu naek kana bus jeung seueur padagang anu naek kana bus.




Read More ->>
bagaimana apakah artikel ini bermanfaat ?
jika iya bantulah kami mempromosikan blog ini dengan menyebarkan link blog ini ke facebook atau twitter anda
Diberdayakan oleh Blogger.